|
|
|
Tuesday, April 10, 2007
Sawatara Harti Rarangkén pa - an
1. nu di + bentuk dasar
Conto: pamaksudan maksud + pa – an --> pamaksudan : nu dimaksud (nu di +
bentuk dasar) bentuk dasar : maksud
2. tempat paragi bentuk dasar
Conto: pabéasan béas + pa – an --> pabéasan : tempat paragi béas (tempat
paragi bentuk dasar) bentuk dasar : béas
Sawatara Harti Rarangkén pa - an
Dikirim pada 11:36 pm oleh [Candra T. Munawar]
Permalink
Wednesday, August 23, 2006
Mernahkeun Kecap nu Merenah*
Ku: Candra T. Munawar
Satutas mangkukna, poé Rebo tanggal 9 Agustus 2006, nungkulan pibojoeun sawala dina seminar Usulan Penelitian di Jurusan Sastra Sunda, nepi ka danget ayeuna aya hiji kecap nu teu weléh ngukuntit dina uteuk nu haben ménta dipikiran. Hiji kecap nu keur kuring mah tangka némbrakkeun dua ajén manusa nu béda dina lebah mernahkeun kecap nu merenah ka papada jalma jeung kecap nu saayeunaeun mah tacan merenah di mana mernahkeunana dina gramatika basa Sunda. Kecap éta téh nya éta {karampus} minangka afiksasi infiks {-ar-} kana nomina {kampus} nu hamo bireuk deui pikeun urang mah. Tong waka kerung upama éta kecap {karampus} téh teu matak kaharti kana uteuk. Kumaha mun éta kecap téh ayana dina kalimah interogatif {Iraha rék ka karampus téh?}, jadi kaharti kapan ayeuna mah.
Goréhélna éta kecap jeung conto kalimahna di luhur téh éstuning meunang nyutat sagemblengna tina kasauran Dr. Kalsum, M.Hum. minangka salah sahiji Dosen Penelaah dina éta seminar. Harita, tumalina kana usulan penelitian ti salah sahiji mahasiswa ngeunaan morfem prakategorial/pradasar, anjeunna ngungkabkeun yén aya kecap dina basa Sunda nu saméméhna mibanda wangun nu bébas dina omongan sanggeusna dirarangkénan ku rarangkén tengah {-ar-} jadi wangun nu teu bébas. Sakumaha nu kapanggih dina buku Asas-asas Linguistik Umum yasana J.W.M. Verhaar (1999:97), bébas di dieu nya éta bisa ajeg sorangan kalawan henteu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi kaharti.
Conto kecap {kampus} di luhur minangka wangun nu bébas lantaran bisa ajeg sorangan kalawan henteu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi kaharti. Kecap {kampus} bisa kaharti ku uteuk nya éta tempat kuliah mahasiswa atawa tempat mimiti panggih jeung néng Tina mun ceuk si Iping mah (leuwih payusna mah ilikan hartina dina kamus). Béda deui jeung kecap {karampus} dina kalimah {Iraha rék ka karampus téh?}. Kecap {karampus} dina éta kalimah henteu bisa ajeg sorangan mun hayang kaharti ku uteuk téh, sahenteuna mikabutuh wangun nu lian nya éta kecap {ka} minangka preposisi. Frase {ka karampus} matak kaharti ku uteuk nu nuduhkeun yén nu rék ka kampus téh leuwih ti hiji. Pungsina rarangkén {-ar-} dina frase di luhur minangka ciri pluralis dina kalimah nu subyékna leuwih ti hiji.
Nilik kana pedaran di luhur, wangun kecap {karampus} jeung wangun morfem prakategorial/pradasar miboga panginditan nu sarua nya éta minangka wangun nu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi wangun nu bébas. Bédana ari morfem prakategorial/pradasar sakumaha cék Verhar (1999:99) mah mikabutuh pengimbuhan, pengklitikaan, atawa pemajemukan sangkan jadi wangun nu bébas téh, ari wangun kecap {karampus} mah mikabutuh wangun preposisi {ka}. Sangkan leuwih jéntré jeung jinek naha wangun kecap {karampus} téh kakolomkeun kana wangun morfem prakategorial/pradasar atawa henteu, munasabah mun Ibu Kalsum lebah dinyana mah tumaros ka "almukaromah" profésor linguistik nu kakara pisan lungsur ke prabon tina kalungguhan dekanna.
Anjeunna mernahkeun ku anjeun yén ari sual élmu mah kudu ka ahlina. Kumargi anjeunna mah mung wungkul tabah kana widang filologi—widang nu cenah cék "almukaromah" mah panalungtikanana badis citakan batu bata, nya merenah upamana nyuhunkeun kamandangna téh ka ahli widang linguistik—widang nu saenyana mah bibit buitna tina widang filologi. Ngan nya kitu téa nu ditanya jeung nu dipénta bongbolongn téh kalahka mésem bangun nu moyok. Sang Profésor henteu mirasa yén nu ditanyakeun ka manéhna téh perkara nu kudu dipikiran kalawan daria lain perkara mumuluk isuk-isuk. Lebah dieu mah éta Sang Profésor téh henteu mernahkeun manéh jadi sang ahli dina widang linguistik, jadi teu merenah upamana manéhna malik nanya ka mahasiswa nu keur disidang hareupeunana. Pamustunganana mah wangun kecap {karampus} téh tacan jinek jeung merenah di mana mernahkeunana dina gramatika basa Sunda.
Dina ieu tulisan rék ditarékahan sangkan wangun kecap {karampus} téh merenah dipernahkeunana dina gramatika basa Sunda. Saméméhna, rék makayaan heula tiori morfem prakategorial/pradasar nu diungkabkeun ku Verhar dina bukuna Asas-asas Linguistik Umum (1999). Dina basa Sunda, bawirasa, lian ti mikabutuh pengimbuhan, pengklitikaan, atawa pemajemukan sangkan morfem prakategorial/pradasar jadi wangun nu bébas, tapi ogé bisa ngaliwatan pengulangan. Minangka contona kecap {golér}, sangkan jadi wangun nu bébas bisa ngaliwatan pengulangan kalawan maké pengulangan dwilingga saling swara jadi {gular-golér} lian ti ngaliwatan pengimbuhan {ngagolér}, {digolérkeun}, jsté.
Sanggeusna makaayaan tiori di luhur, ayeuna geus mangsana urang medar perkara wangun kecap {karampus}. Rarangkén tengah {-ar-} dina éta kecap ngalantarankeun kecap {karampus} henteu bisa ajeg sorangan minangka wangun nu bébas. Béda deui jeung kecap {marandi} dina kalimah imperatif {Barudak téh keur marandi di walungan.}. Kecap {marandi} dina éta kalimah minangka wangun nu bébas jeung matak kaharti kana uteuk andapon dileupaskeun sagemblengna tina conto kalimah di luhur. Naon nu ngabédakeunana? Kecap {karampus} mah morfem dasar-na minangka kecap nomina {kampus}, ari kecap {marandi} mah morfem dasar-na minangka kecap verba {mandi}. Cindekna, mun kecap verba dirarangkénan ku rarangkén tengah {-ar-} henteu ngalantarankeun kecap turunanana jadi wangun nu teu bébas. Conto nu lianna nya éta {dalahar} tina {dahar}, {arinum} tina {inum}, jsté.
Saenyana lain ngan pédah rarangkén tengah {-ar-} téh ninggangna dina kecap verba wungkul nu matak kecap {marandi} minangka wangun nu bébas, tapi dina enas-enasna mah konstruksi kalimahna nu ngalantarankeun kecap éta téh minangka wangun nu bébas. Kecap {mandi} nu nuduhkeun subyekna singular jeung {marandi} nu nuduhkeun subyékna plural dina kalimah {manéhna mandi di walungan} jeung {maranéhna marandi di walungan} mibanda kalungguhan minangka prédikat dina éta kalimah nu bisa dipisahkeun tina wangunan bébas lianna nu aya dihareupeunana jeung pandeurieunana. Kecap {mandi} jeung {marandi} bisa dipisahkeun tina kecap {manéhna} jeung {maranéhna} kalawan diselang heula, contona, ku kecap {keur}. Jadi wangun kalimahna nya éta {manéhna/maranéhna keur mandi/marandi di walungan}.
Béda deui jeung kecap {kampus} atawa {karampus} dina kalimah {manéhna indit ka kampus} jeung {maranéhna indit ka karampus} nu mibanda kalungguhan minangka keterangan tempat dina éta kalimah. Cicirénna nu nuduhkeun keterangan tempat dina kalimah nya éta ayana preposisi di hareupeun kecap nomina dina konstruksi kalimahna. Preposisi nu nyicinganana nya éta {ka}, {ti}, jeung {di} dina kalimah {manéhna/maranéhna indit ka kampus/karampus}, {manéhna/maranéhna balik ti kampus/karampus}, jeung {manéhna/maranéhna aya di kampus/karampus}. Mun preposisi dina éta kalimah di leungitkeun, tinangtu konstruksi kalimahna moal matak kaharti jeung salah numutkeun padika sintaksis.
Dumasar kana pedaran di luhur, lebah dieu urang bisa nangtukeun yén aya dua sabab nu pakaitna jeung sintaksis pangna kecap {karampus} minangka wangun nu teu bisa ajeg sorangan (wangun nu teu bébas) jeung matak teu kaharti kana uteuk. Nu kahiji, nya éta ayana infiksasi rarangkén {-ar} nu tumalina kana kalungguhan subyék nu plural dina kalimah. Kaduana, nya éta pernahna kecap {karampus} aya dina kalungguhan keterangan tempat dina kalimah nu mikabutuh wangun preposisi. Cindekna, kecap {karampus} moal bisa leupas tina konstruksi kalimahna, sabab ayana kecap {karampus} téh minangka hasil tina konstruksi kalimah nu kalungguhan subyékna plural jeung mernahkeun éta kecap aya dina kalungguhan keterangan tempat nu mikabutuh wangun preposisi. Ana kitu mah, merenah upamana kecap {karampus} minangka wangun nu teu bébas téh ditilikna tina jihat sintaksis lain tina jihat morfologi. Jadi, kecap {karampus} téh henteu bisa kakolomkeun kana morfem prakategorial/pradasar.
Sasieureun sabeunyeureun, mangga nyanggakeun. Cag!
*Tawis hurmatna ka Ibu Kalsum nu tumetep ajeg dina tangtungan élmuna
Mernahkeun Kecap nu Merenah*
Dikirim pada 08:01 am oleh [Candra T. Munawar]
Permalink
Ku: Candra T. Munawar
Mindeng kawénéhan puguh gé mun pareng nungkulan kariaan nu ngawinkeun, ngabandungan babasaan mc nu matak kataji. Geus lir ari kalimahna nu puguh éntép seureuhna mah, da éta pisan atuh nu diperedih kudu geus kacangkem ku mc téh, ieu mah babasaan mc nu parigel pisan lebah nyarungsum kalimahna ku babasan/paribasa jeung kekecapan nu murwakanti. Sok ras inget deuih ka ki lanceuk, Djadjas Djasépudin, ébréh pisan dina sawatara tulisanana sakadang babasan/paribasa jeung kekecapan nu murwakanti téh banget dilulugukeun. Singhoréng lain ngan babasaan mc jeung ki lanceuk wungkul nu siga kitu téh, tapi mindeng kawénéhan ogé mun pareng nguping piwejang ajengan dina pangaosan di masigit, atawa biantara bapa lurah dina riungan di balé désa, cindekna mah dina wangkongan sapopoé (winangun lisan). Pon kitu deui dina winangun tinulisna, boh dina wangun basa lancaran (prosa) boh dina wangun basa ugeran (puisi), babasaan nu siga kitu téh mindeng nyampak. Pikecapeunana mah babasaan nu dipapaés ku mamanis basa. Lebah dinyana mah sigana euweuh deui basa nu beunghar ku mamanis basa iwal ti basa Sunda. Sanajan bebeneran nu bieu digoréhélkeun téh bau-bau hawa a priori—hiji kecap nu dipahing pisan ku almukaromah Ajip Rosidi, keukeuh pikeun guluyurna ieu cacaritaan seja diéstokeun pisan. Mamanis basa dina basa Sunda sahenteuna mibanda dua pungsi, nya éta (1) pungsi komunikatif, dina harti pikeun leuwih ngajéntrékeun maksud nu rék ditepikeun ku nu nyarita ku jalan méré babandingan mirupa babasan/paribasa nu geus dipikawanoh ku balaréa; (2) pungsi éstétik, dina harti ngudag kaéndahan basa ku jalan ngulinkeun sora mirupa purwakanti nu dipalar jadi pamatri ka nu diajak nyarita. Mun ditilik tina dua pungsi nu di luhur bieu, éstuning mamanis basa téh miboga harti anu positif. Tapi, loyog kana ngaranna mamanis nu mawa amis mun amis teuing tangtuna matak giung nu aya, teu pamohalan ogé mamanis basa téh miboga harti anu negatif. Ajip kungsi nuduhkeun, basa keur mesék wawacan Purnama Alam dina bukuna Ngalanglang Kasusastran Sunda (1983), yén dina enggoning néangan purwakanti nu ngaloncrang geusan ngudag kaéndahan basa, para pangarang nu ngaranggit wawacan téh mindeng ninggalkeun logika nu waras nepi ka panataan nu nyampak papalingpang jeung kanyataan. Minangka contona, dina wawacan Rengganis yasana R.H. Abdulsalam anu pada muji purwakantina, lauk anu disebutan dina panataan warna-warna lauk émpang kayaning beunteur, lalawak jeung julung-julung lain lauk nu hirup di émpang, tapi lauk walungan. Pamanggih Ajip, bawirasa, tétéla luyu kana salah sahiji sarat ungkara kalimah nu éféktif. Tumali perkara kalimah nu éféktif, di sagédéngeun kudu nohonan sarat logika nu merenah, salah sahiji sarat séjénna, nya éta ngagunakeun kecap kalawan teu kaleuleuwihi. Geusan ngudag ungkara kalimah nu éndah ku mamanis basa ngaliwatan kekecapan nu murwakanti, kalan-kalan nu nyarita tigebrus ngagunakeun kecap kalawan kaleuleuwihi. Geura urang ilikan, minangka contona, babasaan ki lanceuk: "Tujuan utama calon mahasiswa mimiti daratang ka Bandung teh seja nungtut elmu nyucruk panemu, nyuprih pangarti ngala kabisa, keur miceun katuna." ["Elmu, Bandung jeung Mahasiswa (dina Paribasa)", Galura Edisi 22/Taun 15 Minggu ka V; Citak dicondongkeun ti nu nulis]. Kekecapan nu dicondongkeun nulisna nu pinuh ku purwakanti téh kabéhanana gé miboga harti nu sarua, nya éta tolab élmu. Disawang tina jihat kalimah éféktif mah nu salah sahiji saratna ngagunakeun kecap kalawan teu kaleuleuwihi, mamanis basa nu dianggé ku ki lanceuk téh miboga harti mamanis basa nu négatif. Leuwih payus upamana dina babasaan téh urang miheulakeun pungsi komunikatif tinimbang pungsi éstétik. Pungsi komunikatif bisa ditedunan salah sahijina ku jalan nyieun ungkara kalimah nu éféktif. Marga lantaran, sakumaha nu dipedar dina buku Komposisi (1997) yasana Gorys Keraf, kalimah éféktif téh nya éta kalimah nu bisa nepikeun maksud nu nyarita kalawan jéntré ka nu diajak nyarita. Pakaitna jeung pungsi komunikatif bieu, di luhur geus dicaritakeun yén digunakeunana babasan/paribasa nya éta pikeun leuwih ngajéntrékeun maksud nu rék ditepikeun ku nu nyarita, naha enya digunakeunana babasan/paribasa téh salawasna bisa ngahontal éta udagan? Ceuk kuring mah, henteu salawasna. Ku pajamanan kiwari, nu tangtuna ngalaman parobahan budaya ti mangsa bihari, réa konsép tina hiji kecap dina babandingan nu nyampak dina babasan/paribasa nu geus teu dipikawanoh deui atawa sirikna geus leungit tina hirup kumbuh urang Sunda. Minangka contona, konsép tina kecap daluang, dina babasan/paribasa aya luang tina daluang nu hartina élmu ladang guguru, dina hirup kumbuh urang Sunda ayeuna geus teu pati dipikawanoh alatan daluangna gé ayeuna mah tinggal artepak budaya dina wangun naskah-naskah kuno. Wuri-wuri hayang ngajéntrékeun, ieu mah teu ngarti nu aya da daluang téh naon? Daluang téh nya éta kertas tradisional urang Sunda nu dijieunna tina kulit saéh, sumebarna mangsa saméméh kertas buatan pabrik mahabu diparaké pikeun nulis. Sigana geus meujeuhna dina enggoning ngudag mamanis basa, urang ulah katalikung teuing nyokot babandingan tina babasan/paribasa nu geus karahaan. Leuwih hadé, upamana, urang nyieun babandingan anyar tina kaayaan pajamanan kiwari. Sugan ku cara kitu, babandingan anyar éta téh ka hareupna baris ngabeungharan khasanah babasan/paribasa Sunda. Tarékah siga kitu téh geus katémbong mimiti dibaladah ku para pangarang entragan anyar, minangka contona, geus dibaladah ku ki lanceuk, Éris Risnandar. Ki lanceuk nu ieu mah dina sawatara tulisanana tingronghéap kekecapan mirupa babandingan (métapor ceuk légégna mah) nu beuneur turta plastis pisan. Dasar cecekelanana bisa dijujut tina pamanggihna ngeunaan basa Sunda dina karya sastra Sunda kontémporér, cenah gé, "Karéréaan karya sastra Sunda kontémporér téh tijalikeuh alatan teu hasil ngawadahan réalitas ku basa nu dipakéna. Kituna mah pantes atuda réalitas Mc. Donald rék kumaha bisana dipaké ngawadahan ari basa nu dipakéna basa Sunda ti nagri Ajrak mah." ("Pangantén: Teu Wani Gélo", Cupumanik Nomer 7/2004). Cag! Kampung Rawa, 8 Nopémbér 2005
Dikirim pada 07:56 am oleh [Candra T. Munawar]
Permalink
|
|